Wangsit Prabu Siliwangi
Wangsit Prabu Siliwangi mengandung hakekat yang sangat tinggi oleh
karena di dalamnya digambarkan situasi kondisi sosial beberapa masa
utama dengan karakter pemimpinnya dalam kurun waktu perjalanan panjang
sejarah negeri ini pasca kepergian Prabu Siliwangi
(ngahyang/menghilang). Peristiwa itu ditandai dengan menghilangnya
Pajajaran.
”Ti mimiti poé ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna,
leungit nagarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran
pikeun nu mapay. Sabab bukti anu kari, bakal réa nu malungkir! Tapi
engké jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya anu laleungit kapanggih
deui. Nya bisa, ngan mapayna kudu maké amparan. Tapi anu marapayna loba
nu arieu-aing pang pinterna. Mudu arédan heula.”
”Sakabéh turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan di waktu anu
perelu. Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu
sarusah, tapi ngan nu hadé laku-lampahna. Mun ngaing datang moal
kadeuleu; mun ngaing nyarita moal kadéngé. Mémang ngaing bakal datang.
Tapi ngan ka nu rancagé haténa, ka nu weruh di semu anu saéstu, anu
ngarti kana wangi anu sajati jeung nu surti lantip pikirna, nu hadé laku
lampahna. Mun ngaing datang; teu ngarupa teu nyawara, tapi méré céré ku
wawangi.”
Saterasnaanu di lakukeun ku sosok "Budak Angon"
”Aya nu wani ngoréhan terus terus, teu ngahiding ka panglarang; ngoréhan
bari ngalawan, ngalawan sabari seuri. Nyaéta budak angon; imahna di
birit leuwi, pantona batu satangtungeun, kahieuman ku handeuleum,
karimbunan ku hanjuang. Ari ngangonna? Lain kebo lain embé, lain méong
lain banténg, tapi kalakay jeung tutunggul. Inyana jongjon ngorehan,
ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian disumputkeun, sabab acan wayah
ngalalakonkeun. Engke mun geus wayah jeung mangsana, baris loba nu
kabuka jeung raréang ménta dilalakonkeun. Tapi, mudu ngalaman loba
lalakon, anggeus nyorang: undur jaman datang jaman, saban jaman mawa
lalakon. Lilana saban jaman, sarua jeung waktuna nyukma, ngusumah jeung
nitis, laju nitis dipinda sukma.”
Anu di catet saterasna
”Daréngékeun! Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi
mangsa: tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol. Tah di
dinya, sanagara bakal jadi sampalan, sampalan kebo barulé, nu diangon
ku jalma jangkung nu tutunjuk di alun-alun. Ti harita, raja-raja
dibelenggu. Kebo bulé nyekel bubuntut, turunan urang narik waluku, ngan
narikna henteu karasa, sabab murah jaman seubeuh hakan.
Ti dinya, waluku ditumpakan kunyuk; laju turunan urang aya nu lilir,
tapi lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi. Ti nu laleungit, tambah
loba nu manggihna. Tapi loba nu pahili, aya kabawa nu lain mudu diala!
Turunan urang loba nu hanteu engeuh, yén jaman ganti lalakon ! Ti dinya
gehger sanagara. Panto nutup di buburak ku nu ngaranteur pamuka jalan;
tapi jalan nu pasingsal!. Nu tutunjuk nyumput jauh; alun-alun jadi
suwung, kebo bulé kalalabur; laju sampalan nu diranjah monyét! Turunan
urang ngareunah seuri, tapi seuri teu anggeus, sabab kaburu: warung béak
ku monyét, sawah béak ku monyét, leuit béak ku monyét, kebon béak ku
monyét, sawah béak ku monyét, cawéné rareuneuh ku monyét. Sagala-gala
diranjah ku monyét. Turunan urang sieun ku nu niru-niru monyét. Panarat
dicekel ku monyet bari diuk dina bubuntut. Walukuna ditarik ku turunan
urang keneh. Loba nu paraeh kalaparan. ti dinya, turunan urang
ngarep-ngarep pelak jagong, sabari nyanyahoanan maresék caturangga.
Hanteu arengeuh, yén jaman geus ganti deui lalakon.”
”Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara kalér ngaguruh ngagulugur, galudra
megarkeun endog. Génjlong saamparan jagat! Ari di urang ? Ramé ku nu
mangpring. Pangpring sabuluh-buluh gading. Monyét ngumpul ting rumpuyuk.
Laju ngamuk turunan urang; ngamukna teu jeung aturan. loba nu paraéh
teu boga dosa. Puguh musuh, dijieun batur; puguh batur disebut musuh.
Ngadak-ngadak loba nu pangkat nu maréntah cara nu édan, nu bingung
tambah baringung; barudak satepak jaradi bapa. nu ngaramuk tambah rosa;
ngamukna teu ngilik bulu. Nu barodas dibuburak, nu harideung
disieuh-sieuh. Mani sahéng buana urang, sabab nu ngaramuk, henteu beda
tina tawon, dipaléngpéng keuna sayangna. Sanusa dijieun jagal. Tapi,
kaburu aya nu nyapih; nu nyapihna urang sabrang.”
Saterasna aya waktu anu di gambarkeun munculna saorang pamingpin negeri ieu sareng gambaran.
”Laju ngadeg deui raja, asalna jalma biasa. Tapi mémang titisan raja.
Titisan raja baheula jeung biangna hiji putri pulo Dewata. da puguh
titisan raja; raja anyar hésé apes ku rogahala!”
Maksad anu caritakeun di luhur nyaeta soekarno, Presiden RI anu kahiji,indungna soekarno nyaeta Ida Ayu Nyoman Rai,saorang putri bangsawan Bali,bapana saorang guru anu namina Raden Soekeni Sosrodihardjo,tapi panalusuran anu spiritual bapana Soekarno sajatina nyaeta Kanjeng Susuhunan Pakubuwono X,Nami nuju alitna Soekarno nyaeta Raden Mas Malikul Koesno.
Sok we perhatikeun sajarah.
Masa kapamingpinan Soekarno seueur anu bade ngabunuh ka dirina tpi selalu kalindungi tur di salametkeun.
Salajeungna di carioskeun.
”Mingkin hareup mingkin hareup, loba buta nu baruta, naritah deui
nyembah berhala. Laju bubuntut salah nu ngatur, panarat pabeulit dina
cacadan; da nu ngawalukuna lain jalma tukang tani. Nya karuhan: taraté
hépé sawaréh, kembang kapas hapa buahna; buah paré loba nu teu asup kana
aseupan. Da bonganan, nu ngebonna tukang barohong; nu tanina ngan
wungkul jangji; nu palinter loba teuing, ngan pinterna kabalinger.”
”Ti dinya datang budak janggotan. Datangna sajamang hideung bari nyorén
kanéron butut, ngageuingkeun nu keur sasar, ngélingan nu keur paroho.
Tapi henteu diwararo! Da pinterna kabalinger, hayang meunang sorangan.
Arinyana teu areungeuh, langit anggeus semu beureum, haseup ngebul tina
pirunan. Boro-boro dék ngawaro, malah budak nu janggotan, ku arinyana
ditéwak diasupkeun ka pangbérokan. Laju arinyana ngawut-ngawut dapur
batur, majarkeun néangan musuh; padahal arinyana nyiar-nyiar pimusuheun.
Sing waspada! Sabab engké arinyana, bakal nyaram Pajajaran
didongéngkeun. Sabab sarieuneun kanyahoan, saenyana arinyana anu jadi
gara-gara sagala jadi dangdarat. Buta-buta nu baruta; ming¬kin hareup
mingkin bedegong, ngaleuwihan kebo bulé. Arinyana teu nyaraho, jaman
manusa dikawasaan ku sato!”
”Jayana buta-buta, hanteu pati lila; tapi, bongan kacarida teuing
nyangsara ka somah anu pada ngarep-ngarep caringin reuntas di alun-alun.
Buta bakal jaradi wadal, wadal pamolahna sorangan. Iraha mangsana?
Engké, mun geus témbong budak angon! Ti dinya loba nu ribut, ti dapur
laju salembur, ti lembur jadi sanagara! Nu barodo jaradi gélo marantuan
nu garelut, dikokolotan ku budak buncireung! Matakna garelut?
Marebutkeun warisan. Nu hawek hayang loba; nu boga hak marénta
bagianana. Ngan nu aréling caricing. Arinyana mah ngalalajoan. Tapi
kabarérang.”
”Nu garelut laju rareureuh; laju kakara arengeuh; kabéh gé taya nu
meunang bagian. Sabab warisan sakabéh béak, béakna ku nu nyarekel
gadéan. Buta-buta laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung, sarieuneun
ditempuhkeun leungitna nagara. Laju naréangan budak angon, nu saungna di
birit leuwi nu pantona batu satangtung, nu dihateup ku handeuleum
ditihangan ku hanjuang. Naréanganana budak tumbal. sejana dék marénta
tumbal. Tapi, budak angon enggeus euweuh, geus narindak babarengan jeung
budak anu janggotan; geus mariang pindah ngababakan, parindah ka Lebak
Cawéné!”
”Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul. Daréngékeun!
Jaman bakal ganti deui. tapi engké, lamun Gunung Gedé anggeus bitu,
disusul ku tujuh gunung. Génjlong deui sajajagat. Urang Sunda
disarambat; urang Sunda ngahampura. Hadé deui saka¬béhanana. Sanagara
sahiji deui. Nusa Jaya, jaya deui; sabab ngadeg ratu adil; ratu adil nu
sajati. Tapi ratu saha? Ti mana asalna éta ratu? Engké ogé dia nyaraho.
Ayeuna mah, siar ku dia éta budak angon! Jig geura narindak! Tapi, ulah
ngalieuk ka tukang!”
Tidak ada komentar:
Posting Komentar